Selasa, 27 Desember 2011

Peunggas Dahan Harepan

Geuning sing horéng
Saban-saban robah mangsa
Ganti wanci ilang bulan kurunyung taun
Saperti nu karandapan ku diri kuring

Horéng  pasini ti jalmi
Sanés janji nu ti Gusti
Sumpah majar bade nyaah
Ukur panglamunan wungkul

Ari sugan asih téh kaabadian
Ari  sugan deudeuh téh nya kalanggeungan
Horéng ukur implengan
Di tampi geulis moal di tampik
Kitu kapalay salira panginteun kitu kedahna

Pileuleuyan bulan nu sok remeun
Dipaké ngeunteung duaan
Entong teuing jadi pikiran
Mun kalangkang kari hiji
Pan kuring nyorangan deui
Duh sorang dai

Aya nu jalir kana jangjina
Aya nu cidra kana subaya
Bongan urang teu wasa
Nyingkahan mangsa
Urang kapaksa teupang jeung
Kecap paturay najan narah nyebat pisah
Teu weurat rék nyebat was

Bari patarema leungeun
Bari urang silih wilujengkeun
Wilujeng angkat deudeuh saur salira harita
Ah kuring teu weurat ngedalkeun nana

Wilujeng angkat taya hartina
Wilujeng kantun taya gunana
Mung ukur dipaké ngupahan haté
Mung ukur dipaké mapaes lambey

Pangwilujeng ti salira
Nuruhit panah naceub kana raraheut manah
Mata pedang nu ngolebat kingkilaban
Wuwuh beuki nyeuit haté kalahkah beuki hengkér
Duh deudeuh teumeunan sukma nu taya tanaga
Ngoleab duka kamana
Dipuluk duka kusaha……….

Salira aya ku tega ngiwat duriat dipaksa pegat
Durawiksa teuras rasan
Meugatkeun dahan harepan

Tapi kuring sadar hujan aya mangsa raatna
Bangbara aya mangsa hibeurna
Lebar teumeun kembang asih diiseup teu eureun-eureun

Mudaha-mudahan salira ngengingkeun
Nu langkung ti diri simkuring sagala-galana
Nyaahna, deudeuhna, belana…

0 komentar:

Posting Komentar

 
Design by Free WordPress Themes | Bloggerized by Lasantha - Premium Blogger Themes | Justin Bieber, Gold Price in India