Selasa, 10 Januari 2012

Sawer Panganten 6

Amit widi neda asih haksami
Jisim kuring neda pangaksama
Bade nyelang heula nyawer
Tumut galur karuhun
Titis waris ti nini aki
Karya bujangga baheula
Pun sampun paralun
Sanes pinton katiasa
Mung sakadar hariring tambi pamali
Keur tawis pakaulan

Ngaraoskeun bingah tanpa tanding
Reh pun anak hasil nu dimaksad
Anjog waktosna ngajodo
Kersaning Maha Agung
Dugi wanci nu mustari
Karujuk ibu rama
Muga panjang punjung
Dirahmat nikmat pangeran
Kabagjaan, kamulyaan lahir bathin
Tengtrem rumah tanggana
Pencipta: Amir BA
Lagam: Degung
Laras: Pelog
Bapak Sobirin, Bandung

Sawer Panganten 5

Kapara tamu sadayana
Warga wargi nu araya
Abah nyelang nyawer heula
Antosan da moal lila

Ujang nyai sami gandang
Sami calik dina ranjang
Ujang masih keneh bujang
Nikah kanu geulis lenjang

Ujang teh perlu bisa
Siga cara abah ka ema
Ayeunamah geus waktuna
Mindeng ge moal doraka

Lamun meneran parawan
Rada hese mamatahan
Ku Sabab can pangalaman
Ujang kudu lalaunan

Tapi mun ujang ka randa
Tangtu moal lila-lila
Molompong moal sulaya
Lantaran urut baheula

Bisi bojo udah-aduh
Mangkade ulah geruh
Hudang bae subuh-subuh
Da moal karasa tunduh

Mun si nyai geus ngalempreh
Ujang omat ulah leweh
Sanajan nepi kasoeh
Can aya nu tuluy paeh

Lamun bojo keur bungkiang
Omat ujang ulah hariwang
Keureuyeuh wae titukang
Dedetkeun wae sing tenang

Nyai teh kedah ngartikeun
Mun caroge geus hayangeun
Ku nyai geuwat berekeun
Bari rada diburukeun

Lamun nyai keur di gawe
Mangkade sing hade gawe
Itung-itung mayar gawe
Ngarah ngeunah kana hate

Mimiti mah rada nyeri
Nepi kana sirah nyai
Tapi mun enggeus sakali
Tangtu matak menta deui

Poman nyai ulah talangke
Kudu emut ka caroge
Kujalan masihan gawe
Najan caroge tas balik gawe

Sakitu bae ti abah
Mangkade ulah gareuwah
Tangetkeun ulah gagabah
Ngarah caroge teu seuhah

Sawer Panganten 4

(Disusun ku E. Djuwardi Sumedang )

Dangdanggula
1. Bismillahi kawitaning muji
Muja nyebat asma Pangeran
Nu welas asih ka kabeh
Ngurus sadya mahluk
Eusi alam taya nu kari
Gusti urang sadaya
Geusan sumalindung
Ka bingah sareng ka sesah
Nu karaos musibat ageung jeung alit
Mantna nu ngraksa.

2. Sabdana mumuji ka Gusti
Ngahaturkeun salam miwah Rahmat
Ka panutan Rosululoh
Nabi agung panutup
Muhammad kakasih yang widi
Rahmat sadaya Alam
Ku Gusti di wuwuh
Kitu dei pra Sahabat
Abu Bakar, Umar, Usman sareng Ali
Sami kenging Rahmat.

3. Neda widi kanu sami linggih
Jisim kuring permios sakedap
Bade nyelang heula nyawer
Minangka turun kaul
Ka panganten jaler istri
Etang-etang hiburan
Tatali karuhun
Sugan aya pawedahna
Ka panganten sare ng sadayana nu
Linggih nya ieu piwulangna.

Kinanti
4. Munguh pidawuh nu Agung
Allahu Robbul ’Alamin
Pidawuhna dina Qur’an
Ar’um dua puluh hiji
Jodo katangtuan AllAH
Sangkan tengtrem rasa ati

5. Nikah teh tawisna syukur
Bukti ngabakti ka Gusti
Sunat ti Rosul Muhammad
Sah Gaul Pameget Istri
Ceuk rukun tikah nu lima
Sangkan turunan teh suci
6. Tumut galuring karuhun
Medar sawer jatukrami
Ngaberkahan anu nikah
Disimpai cinta jeung asih
Mugi rahmat ti Pangeran
Lulus mulus laki rabi

7. Siloka sawe nu tangtu
Perlambang nu laki rabi
Sarat sarupa-rupana
Ngandung sasmita nu pasti
Beas bodas dicampuran
Koneng temen beunang nyiksik

Kinanti.
8. Di sawer di awur-awur
Beas sasmitaning hirup
Koneng perlambangna emas
Dunya jeng komara diri
Eta sarat kabagjaan
Koncina Iman ka Gusti.
Asmarandana
9. Eling-eling mangka eling
Rumingkang di bumi alam
Darma wawayangan bae
Raga taya pangawasa
Lamun kasasar nya lampah
Napsu nu matak kaduhung
Badan anu katempuhan

Kinanti
10. Mungguh pi wuruk pitutur
Mangga guar masing sidik
Endog sanareng elekan
Eta perlambang jirim
Sipat pria jeung wanita
Nu kudu awor ngahiji.

11. Ceuk babasaan runtut raut
Ka cai jadi sa leuwi ( bareng mandi )
Ka darat jadi salebak ( bareng solat )
Sapapait sa mamanis
Hirup loro jadi tunggal
Tegas dua jadi hiji.

Kinanti
12. Seuneu teh tegesna panas
Nu sok ngancik dina jirim
Di sindirkeun na harupat
Ulah getas heureut pikir
Mun hurung geuwat pareuman
Banjur ku dayaning cai

13. Cai kendi tiis pasti
Hartina sabaring ati
Tiis dingin paripurna
Seuneu pareumna ku cai
Napsu pepesna ku sabar
Wekasna rintih panggalih.

14. Ulah rek ngalajur napsu
Amarah kudu dipahing
Sing daek silih eledan
Sangkan layeut jeung ngahiji
Taya halangan harungan
Odoh bahla parek rijki

Asmarandana
15. Hidep teh omat anaking
Ulah rek ditarurutan
Adat hayam estu goreng
Jeung batur teu sauyunan
Estu aing-aingan
Jalma kudu rea batur
Singkahan tabe’at hayam

Durma
16. Utamana jalma kudu rea batur
Keur silih tulungan
Silih titipkeun nya diri
Budi akal lantaran ti pada jalma

Dangdanggula
17. Ekek sato rik-rik sarta gemi
Usum panen daek teuteundeunan
Rupa ning pare jeung jagong
Dina gawokna pinuh
Mun di jalma ibarat leuit (gudang)
Sangkan dina paila
Teu ngarasa bingung
Da aya pasadiaan
Ekek ngarti tas suka sok datang sedih
Tas loba jadi suda

Sawer Panganten 3

Nyukcruk galur ti karuhun
Nutur lacak para wali
nyambuang ka bala rea
Titinggal ti nini aki
Ngawaris kabudayaan
Seni sunda sawe asli

Seni sunda pikeun suluk
Gambaran siloka diri
Hirup ulah kajongjonan
Mawa diri sing taliti
Satincak make pikiran
Pikiran ieu pepeling

Pepeling jalan pituduh
Nuduhkeun diri sing lilir
Hahalang lugay disinglar
Mun hayang salamet diri
Di dunya ukur ngumbara
Peupeujeuh sing repeh rapih

Repeh rapih nu salembur
Ka cai jadi saleuwi
Ka darat jadi salogak
Pageuh pakuat-pakait
Ulah ingkah bali-lahan
Anrubna ngajadi hiji

Ngahiji ngajadi dulur
Sadaya mahlukna Gusti
Hubungan sabilulungan
Kedalkeun katineung ati
Ka ibu sareng ka rama
Neneda ka Maha Suci

Neda agung cukup lumur
Neda jembar pangaksami
Bilih aya kalepatan
Wireh ayeuna sim kuring
Nyawer anu pangantenan
Nyanggakeun mugi ditampi.



Sumber: http://manuskripkesunyian.wordpress.com/2008/09/30/kidung-sunda/

Ukur Cimata Jadi Saksina




U pamana simkuring ayeuna lir ibarat
K apas anu katebak ku angin nasib, raga ngoleab duka kamana dipuluk duka ku saha, tapi
U lah getas harupateun, manusa mah ukur pamaenna, nu tumut sareng taat ka Sutradarana
R umasa kuring can bisa ngaleungitkeun rasa kanyeri alatan cinta, tapi gagalna

C arita cinta urang duaan baheula, nu jadi nguatkeun diri kuring yen geuningan manusa mah
I lahrna mung ngabogaan cita-cita, Pangeran nu bakal ngajadikeunna
M aliré ka mangsa katukang, basa urang guntereng sakedapan
A ya rasa kanyaah nu ageung pisan kanggo salira
T api naha atuh salira lucat mulang leubeng taya datang deui, salira
A ya nu ngiwat duriat di paksa pegat, durawiksa teu ras-rasan megatkeun dahan harepan

N u keur pinuh ku kembang kanyaah jeung daun kadeudeuh, cinta
U rang dua’an aya anu ngahihileudan, nu antukna tinggal waasna, tapi kuring sadar

J iganamah aya anu langkung sae ti batan simkuring
A pal nyalira panginteun kuring pami
D ibandingkeun sareng anjeuna mah jauh tanah kalangitna, matak salira
I ncah balilahan oge da rumasa kuringmah sakieu buktosna

S ok sanos kitu kuring mah ngaraos bingah pisan
A ya gentosna kanggo salira nu langkung belana, nu langkung kanyaahna, nu langkung sagalana
K ukituna hapunteun anu kasuhun hampura anu diteda bilih
S alami ieu aya saur anu teu ka ukur, aya basa anu teu dihaja, aya laku lampah anu teu genah dina manah
I ngsya Alloh kuring teuteup ngadoa kanggo kabagjaan salira sareng anjeunna.. aamiin
N un Gusti lautan asih, kiatkeun kuring tina cocobi ieu, tepangkeun kuring sareng jodona
A nu tiasa maturan kuring di dunya rawuh ahératna. aamiin

Tatarucingan ka hiji

1. Make baju bodas lain dokter, make topi hejo lain tentara. (Toge)
2. Hayam naon anu sukuna sarebu? (Hayam keur pawey)
3. Diubek diteangan, geus kapanggih dipiceun. Naon? (Korong)
4. Naon sababna lamun tumpak mobil sok nundutan? (Sabab banna buleud)
5. Sato naon anu teu bisaeun mundur? (Sato nu nukangan tembok)
6. Bangku naon anu bisa didahar? (Bangkuang)
7. Cing pangnyebutkeun 5 rupa ngaran bungbuahan anu sok didahar, sakali nyebut! (Rujak)
8. Batu naon anu teu aya di cai? (Batu garing)
9. Oray naon anu teu bisaeun ngaleor? (Oray nu ngalegleg linggis)
10. Jalma naon anu sukuna tilu panonna opat? (Aki-aki make iteuk jeung kacamata)
11. Di luar koneng, di jero bodas, nu apaleun monyet. (Cau)
12. Hayam naon anu sukuna hiji? (Hayam nu keur jengke)
13. Bapana udud, indungna nyeuseuh, anakna ceurik. (Kareta api)
14. Gajah tumpak beca, gede naonna? (Gede bohongna)
15. Baso dibalikkeun jadi naon? (Bahe)
16. Awakna leutik pisan, sirahna gede pisan. (Sireum make helm)
17. Nini-nini bongkok kumaha sarena? (Peureum)
18. Piring naon anu bisa dipake nempo bulan? (Piring bolong)
19. Manuk naon anu jangjangna dina suku, sirahna dina suku? (Manuk anu katincak)
20. Naon sababna ban mobil tina karet? (Mun tina coklat pasti digembrong)
21. Sapi naon anu bau? (Sapiteng)
22. Piring naon anu pangrame-ramena di Indonesia ? (Piringatan 17 Agustus)
23. Naon bedana sarimie jeung nini-nini? (Sarimie renyah, nini-nini renyoh)
24. Pribumi di luar ari semah di jero. ( Tukang beca jeung panumpang)
25. Dicabak beye, ditakol ngabelentrang. (Tai kotok napel dina tihang listrik)
26. Diusapan, didengkakkeun, tuluy diasupkeun. (Kacamata)
27. Di luar hujan angina, di WC hujan naon? (Hujan-heujeun)
28. Hayamna bodas, naonna anu hideung? (Kalangkangna)
29. Buah naon anu dipikaresep ku lalaki? Buahenol
30. Jam naon anu bisa nembang? (Jamrud)
31. Monyet naek kana tangkal kai, tinggal naonna? (Tinggal turunna)
32. Pare naon anu teu ngeunah? (Parea-rea omong)
33. Jalma meuli kasur keur naon? (Keur beunta)
34. Sato naon anu sukuna dina sirah awakna dina sirah? (Kutu)
35. Kapas 2 kg, batu 1 kg, lamun ditinggangkeun kana suku nyeri mana? (Nyeri sukuna)
36. Ku naon tukang baso nakolan mangkok? (Ku sendok)
37. Soeh teu bisa dikaput, kotor teu bisa diseuseuh. (Keretas)
38. Budak dugul asup kana embel. (Cilok)
39. Petina hiji, mayitna loba. (Korek api)
40. Kaca naon anu nyeri? (Kacabok)
41. Naon sababna kareta api manjuna ngarayap? (Mun nangtung mah nabrak kapal nu keur ngapung)
42. Kaca naon anu seungit? (Kacapiring)
43. Kaca naon anu pangbeuratna? (Kacalikan gajah)
44. Hayam naon anu keur jengke? (Hayam nu keur sondah)
45. Ari sakintal bisa jadi sapuluh kilo? (Bisa, lamun kiloanana ruksak)
46. Aya balon sapuluh, bitu hiji, kempes tilu, kari sabaraha deui? (Kari 9 da
nu kempes teh ditiup deui)
47. Dicekek beuheungna dieleketek beuteungna. (Gitar)
48. Naon sababna ban sapedah anu tukang sok babari dugul? (Balas cape mikiran
kumaha carana hayang miheulaan ban hareup)
49. Naon sababna lamun anjing keur lumpat sok ngalieuk bae ka tukang? (Sabab
teu make kaca spion)
50. Kaca naon anu sok disada? (Kacapi)
51. Cing pangmacakeun: Pa Ha 2 3 4 din (Pa Haji Samsudin)
52. Sapi naon anu bisa ngarayap dina tembok? (Sapiderman)
53. Hayam naon anu isuk-isuk tara kongkorongok? (Hayam paeh)
54. Supirna opatan ari panumpangna saurang. (Pasaran)
55. Buah naon anu tara diala? (Buah murag)
56. Piramida di jerona aya harta karun. (Bacang)
57. Gajah keur ulang taun. Sakumna sasatoan geus daratang, iwal ti
titinggi, naon sababna? . (Sabab make sapatu heula, lila (loba teuing sukuna)
58. Leutik, bodas, panjang, teuas, lumpatna ngabelesat( Remeh napel dina
kareta api nu keur maju)
59. Tukang naon lamun digeroan sok lumpat ngajauhan? (Tukang maok)
60. Ti peuting asak ti beurang atah. (Lampu bohlam)
61. Bajuna hejo, leumpangna nguriling bari udud. (Obat nyamuk)
62. Sukuna hiji, panonna tilu. (Lampu setopan)
63. Ka handap muka ka luhur nutup. (Seleting)
64. Maju eleh, mundur meunang. (Nu keur lomba tarik tambang)
65. Aya manuk 10 ditembak hiji, tinggal sabaraha? (Euweuh hiji-hiji acan da
kaburu hiber)
66. Sato naon anu pangleutik-leutikna sadunya? (Incuna kuman nu teu dahar
saminggu)
67. Aya anjing begang, anjing lintuh, anjing jangkung, anjing pendek,)
jeung anjing edan rek nyokot tulang. Pangheulana anjing mana? (Anjing baseuh)
68. Kapal naon anu teu bisa ngapung? (Kapal nu mesinna ruksak)
69. Hideung, leutik, bahaya. (Sireum napel dina bom)
70. Kumaha ngabedakeun sirah cacing jeung buntut cacing? (Eleketek heula, nu
seuri eta huluna)
71. Naha superman bajuna make hurup “S”? (Sabab mun XL mah bakal logor teuing)
72. Hiji diala ari loba teu diala. (Huis)
73. buah naon anu sok diwedak? (Kesemek)
74. Tangkal naon anu sok dipikasieun? (Tangkal sampeu nu keur dipake nyumput
maung)
75. Lamun Arjuna neangan cinta, ari Bima neangan naon? (Neangan kukuna nu sok
dibabawa ku tukang jamu)
76. Sirahna dina beuteung, ceulina dina beuteung, beuheungna dina
beuteung. (Orok nu keur dikakandung ku indungna)
77. Sapedah naon anu bisa ngapung? (Sapedah anu ditalian kana 1000 balon gas nu
keur ngapung)
78. lauk naon anu bisa hiber? (Lauk Indosiar)
79. Kuda naon anu teu bisa lumpat? (Kuda nu dicangcang)
80. Ari nakol bedug aya sabaraha warna? (Ti luarna)

81. Minyak naon anu rame? (Minyaksikan pertandingan sepakbola)
82. Batman nginum fanta, ari Superman nginum naon? (Minumpas kejahatan)
83. Hayam naon anu sok diteangan ku jelema? (Hayam leungit)
84. Naon bedana onta jeung kangkung? (Onta mah di Arab, kangkung mah diurab)
85. Tukang naon anu teu bisa ngitung? (Tukang poto)
86. Kalong naon anu pinter maen bal? (Kalonggak beckham ya…Del Piero)
87. Bisa naek teu bisa turun. (Haji)
88. kalimah naon anu dibaca ti hareup jeung ti tukang sarua hartina? (Kasur ini
rusak)
89. Gajah naon anu sukuna dua? (Gajah nu keur keprok)
90. Hurup naon anu ngeunah? (Nya T)
91. Lamun Superman ngapung tara ngadeukeutan panonpoe, naon sababna? (Sabab
sieun S-na leeh kapanasan)
92. Leutik bodas pikasieuneun. (Sireum nu napel dina huntu maung)
93. Setan naon anu bisa nangtungkeun sepedah? (Setandar)
94. Sato naon anu pangharam-haramna? (Anak bagong euweuh bapaan)
95. Hayam naon anu sukuna 1002? (Hayam nu keur gelut jeung titinggi)
96. Rancung lain landak, hejo lain tentara. (Kaktus)
97. Make baju lain manusa, make dudukuy lain patani. (Bebegig)
98. Kasur naon anu matak nyeri? (Kasura)
99. Palu naon anu bisa pidato? (Pa Lurah)
100. Akar di luhur, pucuk di handap. (Janggot)
101. Asup tarik kaluar laun. (Leho)
102. Bisa turun teu bisa naek. (Hujan)
103. Boga sisit lain oray, boga makuta lain raja. (Ganas)
104. Budak dugul loba kutu. (Onde-onde)
105. Diasupkeun hejo, dikaluarkeun beureum. (seupah)
106. Dicabak aya dilieuk euweuh. (Ceuli)
107. Dicukur buluan, teu dicukur dugul. (Kadongdong)
108. Dipeuncit hirup, teu dipeuncit paeh. (Rebab)
109. Disebut sakali hirup, disebut dua kali paeh. (Kuda)
110. Ditakol nyendol teu ditakol nyendol. (Goong)
111. Diudag lumpat didagoan cicing. (Kalangkang)
112. Gunung bitu, bandera kekelebetan. (Nu keur ngakeul sangu)
113. Hiber lain ku jangjang, balik lain ku suku. (Langlayangan)
114. Indungna cicing anakna ancul-anculan. (Lisung jeung halu)
115. Nangkub dieusi nangkarak kosong. (Kopeah)
116. Oray hejo panonna loba. (Peuteuy)
117. Samak saheulay, lampuna mangrebu-rebu. (Langit)

Sawer Panganten ka 2


Nyukcruk galur ti karuhun
Nutur lacak para wali
Nyambung ka bala rea
Titinggal ti nini aki
Ngawaris kabudayaan
Seni sunda sawer asli
Seni sunda pikeun suluk
Gambaran siloka diri
Hirup ulah kajongjonan
Mawa diri sing taliti
Satincak make pikiran
Pikiran ieu pepeling
Papeling jalan pituduh
Nuduhkeun diri sing lilir
Hahalang lugay disinglar
Mun hayang salamet diri
Di dunya ukur ngumbara
Peupeujeuh sing repeh rapih
repeh rapih nu salembur
ka cai sing getol mandi
ka darat sing getol solat
pageuh pakuat-pakait
ulah ingkah bali-lahan
ancrubna ngajadi hiji
ngahiji ngajadi dulur
Sadaya mahlukna Gusti
Hubungan sabilulungan
Kedalkeun katineung ati
Ka ibu sareng ka rama
Naneda ka Maha Suci
Neda agung cukup lumur
Neda jembar pangaksami
Bilih aya kalepatan
Wireh ayeuna sim kuring
Nyawer anu pangantenan
Nyanggakeun mugi ditampi
Cikaracak Ninggang Batu
Laun-laun jadi legok
Tai Cakcak ninggang huntu
Laun-laun dilebok
SAWER PANGANTEN
Bismillah damel wiwitan
Mugi Gusti nangtayungan
Tatan – Yuli nu rendengan
Mugia kasalametan
Salamet nu pangantenan
Ulah aya kakirangan
Sing tiasa sasarengan
Sangkan jadi kasenangan
Sing senang laki rabina
Nu diwuruk pangpayunna
Nyaeta bade istrina
Masing dugi ka hartina
Hartikeun eulis ayeuna
Leubetkeun kana manahna
Manawi aya gunana
Nu dipambrih mangpa’atna
Mangpa’atna lahir batin
Yuli teh masing prihatin
Ayeuna aya nu mingpin
Ka caroge masing tigin
Tigin Yuli kumawula
Ka tatan ulah bahula
Bisi Tatan meunang bahla
Kudu bisa silih bela
Silih bela jeung caroge
Ulah ngan palesir bae
Mending oge boga gawe
Ngarah rapih unggal poe
Repeh rapih nu saimah
Rumah tangga tumaninah
Tapi lamun loba salah
Laki rabi moal geunah
Bisi teu genah ku raka
Prak bae wakca balaka
Lamun tatan goreng sangka
Buru bawa suka-suka
Suka-suka ti ayeuna
Da yuli atos laksana
Ngajodo anu sampurna
Ngahiji salalamina
Salamina sareng dulur
yuli kudu bisa akur
Akuran ka unggal lembur
Sangkan jadi buah catur
Mun catur sing seueur bukur
Ulah ngan kalah ka saur
Napsuna ulah takabur
Hirup resep loba batur
Sareng batur kudu jujur
Layeut reujeung nu sakasur
Runtut raut salelembur
Nagara ge subur ma’mur
Subur ma’mur sauyunan
Mun aya tamu payunan
Tapi ulah timburuan
Bok bilih silih benduan
Ngabenduan ka caroge
Ngan ulah pasea bae
Enggal atuh geura hade
Ambeh geugeut saban poe
Saban poe ulah lali
Titik rintih suci ati
Tembongkeun sing bear budi
Ciri nyaah ka salaki
Lalaki mun sok nyandung
Omat ulah waka pundung
Komo lamun bari bingung
Keun antep sina ngaberung
Ngaberung tong dihalangan
Asal cukup sandang pangan
Sina lilir ku sorangan
Sangkan panggih kasenangan
Senangkeun yuli pikiran
Pikiran didadasaran
Tukuh muntang ka Pangeran
Supaya meunang ganjaran
Ganjaran ti Maha Suci
Enggal atuh geura tampi
Ayeuna yuli ngahiji
Sakapeurih sakanyeuri
Sakanyeri jeung salaki
Mun yuli seueur rejeki
Poma ulah sok kumaki
Masing tumut ka salaki
Tumutkeun eulis ayeuna
Ayeuna tos laksana
Laksana dating jodona
Hate bangblas lalugina
Lugina dunya aherat
Gusti maparinan rahmat
Kana waktu ulah telat
Disarengan silih hormat
Silih hormat ka sasama
Sing nyaah ka ibu rama
Lakonan parentah agama
tangtuna hirup sugema
Sugema hirup di dunya
Nyaeta kudu tatanya
Rek nanya pek kanu enya
Badanna buru ditanya
Tanya bae ku hatena
Tah eta pikeun saksina
Saksi diri pribadina
Nu tara jalir jangjina
Mun jangji nu ngajadi
Eta jangji anu pasti
Pasti jodo ti ajali
Pikiran cengeng ka Gusti
Gusti mah teu weleh nyaksi
Nyaksi gerentesna ati
Ucap lampahna kasaksi
Satincak-tincakna ngarti
Hartikeun masing karaos
Ulah luas-luis leos
Sumawonna poporongos
Pilari jalan nu raos
Raoskeun jaga ku yuli
yuli ulah sok gumeulis
Najan geulis baris ledis
Ninggang mangsa titis tulis
Titis tulis bagja diri
Patokan nu ti ajali
Kajeun siga widadari
Da moal beunang dibeuli
Dibeuli ku harta banda
Da moal bisa kajaga
Nu tangtu bakal ngaduda
Nyicingan di alam baka
Alam baka kalanggengan
Langgeng rasa ka Pangeran
Supaya ulah rayungan
Ngabogaan papacangan
Boga rasa kudu ngarti
Tata titi surti arti
Kudu silih beuli arti
Pikiran dadamelan Gusti
Gusti Allah nu kawasa
Ngayakeun dunya tiasa
Pepek eusi dunya rosa
Sayagi pikeun manusa
Manusia mahluk punjulna
Palinter pangabisana
Ngakalan eusi dunyana
Nu kantun tumarimana
Tumarima ka Pangeran
Tumutkeun kana dawuhan
Qur’an hadist tuduh jalan
Ti para Nabi panutan
Panutan urang sadaya
Poma ulah rek cangcaya
Sadaya kudu percaya
Ka Gusti Allah nu Mulya
Mulyana nu Maha Agung
Sing saha bae ditulung
Ku bumi alam dijungjung
Nyaahna kaliwat langkung
Nyaah bae nu Kawasa
Ka masing-masing manusa
Ulah dir gagah perkosa
Bisi urang loba dosa
Dosa mah ti pada jalmi
Welas asih ka sasami
Micinta ka lemah cai
Layeut jeung batur sabumi
Sing layeut laki rabina
Ulah aya kuciwana
Silih anteur kahayangna
Akur reujeung barayanna
Mun akur ka sadayana
Tembongkeun budi basana
Nu bener tingkah polahna
Supaya hirup sampurna
Sampurna euis ayeuna
Yap kadieu pamegetna
Bapa bade ngawurukna
Diregepkeun ku asepna
Regepkeun teh ku hatena
Bapa mepelinganana
Tadina tatan ngaduda
Ayeuna mah gaduh garwa
Sareng garwa kedah layeut
Sing rapet sacara leugeut
Poma ulah pikir heureut
Sangkan silih pikameumeut
Kanggo ka pameget…tatan
Mikameumeut sareng bojo
Laksana tatan ngajodo
Tapi lamun ngabobodo
Bojo moal mikasono
Mun sono tatan ka istri
Sing pageuh saperti patri
Campur gaul sareng santri
Kalayan ati nu suci
Nu suci pasti baresih
Tara aya nu dipamrih
Ka bojo teu weleh asih
Sagala sareng pamilih
Pilih ku tatan ayeuna
Nya pek tanya ku hatena
Nu goreng jeung nu hadena
Sing karasa kudirina
Diri pangasih Gustina
Gusti mah moal nyiksana
Moal bade ngaganjarna
Kumaha wae amalna
Amal hade tangtu genah
Laki rabi tumaninah
Lamun amal anu salah
Jaga baris nyorang susah
Susah lamun teu ngarobah
Nu ngajak ngarah ngarinah
Napsu nu mawa sarakah
Pek atuh pake ibadah
Mun ibadah anu tangtu
Bagikeun kanu pihatu
Mikeuna tong ragu ragu
Bilih istri janten bendu
Bendu istri tatan bingung
Ulah waka sok ditundung
Lamun istri terus pundung
Pangmeserkeun geulang kalung
Geulang kalung serba sae
Enggal atuh geura angge
Dianggena saban poe
Nu kantun pelesir bae
Palesir yuli ka kota
Tah bawa duit sajuta
Mun aya kahayang menta
Tatapi ulah lahuta
Lahuta aya kahayang
Nyariosna ngagorolang
Nu bakal moal kasorang
Pikir anu mawa Bingbang
Bingbang bongan sok sulaya
Mikahauang anu teu aya
Akhirna pakia-kia
Ngajauhan ka baraya
Baraya lamun ngahiji
Eta nu langkung utami
Hubungan anu sajati
Ngariung sapara wargi
Wargi asep sadayana
Sakitu mikadeudeuhna
Barungah dina manahna
Nu janten ibu ramana
Ibu rama ngiring du’a
tatan ngagaduhan garwa
Istrina lamun satia
Hiji bae tong ngadua
Ngadua gaduh istrina
Moal beres salamina
Pakucrut rumah tanggana
Mun teu cocog jeung agama
Era atuh ku tatangga
Sapopoe ngan pasea
Ku istri dipikangewa
Ku tatangga dilelewa
Lamun boga harta banda
Sing kuat nahan gogoda
Bisi kagoda ku randa
Pikir heula jero dada
Pikir tatan sing waspada
Supaya teu ngarasula
Mun keukeuh piker midua
Akibat jadi pasea
Pasea jeung pamajikan
Napsu setan barangasan
Teu ngajadi kauntungan
Tetep dina karugian
Rugi lamun ngumbar napsu
Napsu pangajak nu palsu
Ngaranjing ngajadi asu
Nu tangtu badan kalangsu
Kalangsu bongan sorangan
Osok daek ririungan
Mimitina heuheureuyan
Dina tempat pamaenan
Maen dadu maen kartu
Eleh meunang tacan tangtu
Mun meunang udud surutu
Mun eleh ngobral sapatu
Ngobral barang kawalahan
Harta banda dijualan
Di imah awut awutan
Lebur ancur bebeakan
Beak duit dipikiran
Eleh maen kawalahan
Tapi keukeuh panasaran
Napsu teu beunang ditahan
Ditahan henteu katahan
Dipikir terus-terusan
Datang napsu panasbaran
Setan iblis ngadeukeutan
Setan nu ngajak jarambah
Nu mawa kana sarakah
Dipake kana awuntah
Disorang napsu nu runcah
Rucahna antep-antepan
Teu ngareret rerencangan
Cicing dina palacuran
Teu inget ka pamajikan
Pamajikan teu direret
Duit metet dina dompet
Tapi mere kekerehet
Ku tariktarikna pelet
Kapelet ku pamakena
Pabeulit pikiranana
Teu karasa ku dirina
Diumbar wae napsuna
Napsuna mangprung ngaberung
Teu aya anu dirarung
Miboga rasa adigung
Tungtungna ripuh jeung bingung
Bingung bongan osok salah
Teu bisa nahan amarah
Jangji ka batur sok gaplah
Teu inget kana papatah
Papatah ti para sepuh
Ulah boga rasa angkuh
Mun jangji kudu sing tukuh
Ucap lampah masing ampuh
Masing ampuh ti ayeuna
Sing bisa mawa hirupna
Jauhkeun napsu gorengna
Deukeutkeun napsu hadena
Deudeuh teuing putra ibu
Omat tong ngalajur napsu
Ulah maen lacur ngadu
Mun bener nyaah ka ibu
Nyaah deudeuh mikasono
Ciri pola kanggo conto
Mangka hade ulah poho
Bojo teh bawa lalajo
Lalajo Bari palesir
Tingali sisi basisir
Sugan awas tina pasir
Alam dunya geura taksir
Geura taksir pangaturan
Dadamelanna Pangeran
Aya gedong matak heran
Luhur pageuh nanakeran
Teu ngaruag teu ngarieg
Sakitu eusina uyek
Pirang-pirang nu ngaleyek
Tapi hanteu ngarempeyek
Ya Allah anu ngayuga
Ieu alam ngan nyalira
Bumi langit ge tohaga
Eusina mani pohara
Eusi dunya warna-warna
Cahaya panon poena
Sato tatangkalanana
Tawisan keur manusana
Manusa maruji sukur
Ka Gusti Allah nu ngatur
Panganten sing subur ma’mur
Kalayan hirupna jujur
Masrahkeun raga jeung nyawa
Nanging engkang kedah ngucapkeun sahadat
Syarat Percaya Ka Gusti Allah
“Ashaduanlaillahailallah
Waashaduannamuhammadarasululllah”
“Robbanaatinafidunya hasanahtawwakinaadabanar”

 
Design by Free WordPress Themes | Bloggerized by Lasantha - Premium Blogger Themes | Justin Bieber, Gold Price in India