Selasa, 10 Januari 2012

Sawer Panganten 4

(Disusun ku E. Djuwardi Sumedang )

Dangdanggula
1. Bismillahi kawitaning muji
Muja nyebat asma Pangeran
Nu welas asih ka kabeh
Ngurus sadya mahluk
Eusi alam taya nu kari
Gusti urang sadaya
Geusan sumalindung
Ka bingah sareng ka sesah
Nu karaos musibat ageung jeung alit
Mantna nu ngraksa.

2. Sabdana mumuji ka Gusti
Ngahaturkeun salam miwah Rahmat
Ka panutan Rosululoh
Nabi agung panutup
Muhammad kakasih yang widi
Rahmat sadaya Alam
Ku Gusti di wuwuh
Kitu dei pra Sahabat
Abu Bakar, Umar, Usman sareng Ali
Sami kenging Rahmat.

3. Neda widi kanu sami linggih
Jisim kuring permios sakedap
Bade nyelang heula nyawer
Minangka turun kaul
Ka panganten jaler istri
Etang-etang hiburan
Tatali karuhun
Sugan aya pawedahna
Ka panganten sare ng sadayana nu
Linggih nya ieu piwulangna.

Kinanti
4. Munguh pidawuh nu Agung
Allahu Robbul ’Alamin
Pidawuhna dina Qur’an
Ar’um dua puluh hiji
Jodo katangtuan AllAH
Sangkan tengtrem rasa ati

5. Nikah teh tawisna syukur
Bukti ngabakti ka Gusti
Sunat ti Rosul Muhammad
Sah Gaul Pameget Istri
Ceuk rukun tikah nu lima
Sangkan turunan teh suci
6. Tumut galuring karuhun
Medar sawer jatukrami
Ngaberkahan anu nikah
Disimpai cinta jeung asih
Mugi rahmat ti Pangeran
Lulus mulus laki rabi

7. Siloka sawe nu tangtu
Perlambang nu laki rabi
Sarat sarupa-rupana
Ngandung sasmita nu pasti
Beas bodas dicampuran
Koneng temen beunang nyiksik

Kinanti.
8. Di sawer di awur-awur
Beas sasmitaning hirup
Koneng perlambangna emas
Dunya jeng komara diri
Eta sarat kabagjaan
Koncina Iman ka Gusti.
Asmarandana
9. Eling-eling mangka eling
Rumingkang di bumi alam
Darma wawayangan bae
Raga taya pangawasa
Lamun kasasar nya lampah
Napsu nu matak kaduhung
Badan anu katempuhan

Kinanti
10. Mungguh pi wuruk pitutur
Mangga guar masing sidik
Endog sanareng elekan
Eta perlambang jirim
Sipat pria jeung wanita
Nu kudu awor ngahiji.

11. Ceuk babasaan runtut raut
Ka cai jadi sa leuwi ( bareng mandi )
Ka darat jadi salebak ( bareng solat )
Sapapait sa mamanis
Hirup loro jadi tunggal
Tegas dua jadi hiji.

Kinanti
12. Seuneu teh tegesna panas
Nu sok ngancik dina jirim
Di sindirkeun na harupat
Ulah getas heureut pikir
Mun hurung geuwat pareuman
Banjur ku dayaning cai

13. Cai kendi tiis pasti
Hartina sabaring ati
Tiis dingin paripurna
Seuneu pareumna ku cai
Napsu pepesna ku sabar
Wekasna rintih panggalih.

14. Ulah rek ngalajur napsu
Amarah kudu dipahing
Sing daek silih eledan
Sangkan layeut jeung ngahiji
Taya halangan harungan
Odoh bahla parek rijki

Asmarandana
15. Hidep teh omat anaking
Ulah rek ditarurutan
Adat hayam estu goreng
Jeung batur teu sauyunan
Estu aing-aingan
Jalma kudu rea batur
Singkahan tabe’at hayam

Durma
16. Utamana jalma kudu rea batur
Keur silih tulungan
Silih titipkeun nya diri
Budi akal lantaran ti pada jalma

Dangdanggula
17. Ekek sato rik-rik sarta gemi
Usum panen daek teuteundeunan
Rupa ning pare jeung jagong
Dina gawokna pinuh
Mun di jalma ibarat leuit (gudang)
Sangkan dina paila
Teu ngarasa bingung
Da aya pasadiaan
Ekek ngarti tas suka sok datang sedih
Tas loba jadi suda

0 komentar:

Posting Komentar

 
Design by Free WordPress Themes | Bloggerized by Lasantha - Premium Blogger Themes | Justin Bieber, Gold Price in India