Sabtu, 31 Desember 2011

Taun Anyar

T eu karaos kirang langkung duawelas bulan urang japung tumalapung di
A lam anu pinuh ku kabohongan, anu pinuh ku sandiwara
U lah kabobodo tenjo ulah kasamaran tinggal, ulah betah teuing
N yatana hirup aya tungtungna moal lila sageumbelungna

A yeuna tinggal sababaraha jam deui nincak ka taun enggal, hayu urang
N itenan urang ngawincik hiji-hiji bisi aya ucap laku lampah anu kirang paos 
    ka dulur-dulur sadayana
Y en abdi rumaos manusa mah teu lepat tinu kaluluputan sareng kalelepatan
A sa bagja asa kagunturan madu karagragan menyan putih saupamina dulur-dulur sadaya
R aragrag kecap kanggo ngahampura kalepatan abdi..^^

Rabu, 28 Desember 2011

Sakotret..

Assalamu'alaikum wr.wb.. Sateuacanna simkuring bade neda dihapunteun, bilih dina eusi tulisan ieu aya anu sami, kenging nyutat ti rupi-rupi sumber, namung simkuring gaduh niat sae kanggo ningkatkeun pangarti perkawis basa sunda, khususna kanggo diri simkuring umumna kanggo balarea. Simkuring salaku budak ngora ngaraos gaduh tanggung jawab kanggo ngamumule basa sunda, ku kituna di handap ieu aya tulisan pakuat kaitna sareng basa sunda. Mudah-mudaan tiasa janten mangpaat..

Kamus Basa Sunda ti Manual kana Digital (ku Dadang Nurjaman S.Pd)

Contoh Kamus Basa Sunda ka Bahasa Indonesia

Program Kamus Bahasa Indonesia ka Basa Sunda

Contoh Pidato Basa Sunda

Tukang/Patukangan

Anjun (Tukang nyieun parabot tina taneuh)

Bujangga (Tukang nyieun/nulis carita)

Candoli (Tukang ngajaga pabeasan dina hajat)

Gending (Tukang nyieun parabot tina kuningan)

Kabayaan (Tukang dititah kaditu kadieu)

Kamasan (Tukang nyieun pahiasan tina emas)

Kuncen (Tukang ngurus kuburan)

Legig (Tukang ngasruk dina pamoroan)

Malim (Tukang meruhkeun sato galak)

Maranggi (Tukang nyieun sarangka keris)

Nyarawedi (Tukang ngagosok permata)

Pacakar (Tukang ngaladenan/bubujang)

Paledang (Tukang nyieun parabot tina tambaga)

Palika (Tukang teuleum)

Pamatang (Tukang moro ngagunakeun tumbak)

Pamayang (Tukang ngala lauk di laut)

Panday (Tukang nyieun parabot tinu besi)

Panerasan (Tukang nyadap)

Paninggaran (Tukang moro ngagunakeun bedil)

Sarati (Tukang ngusir/meruhkeun gajah)

Ngaran Kekembangan

Alewoh (Kembang Waluh)

Jelengut (Kembang Cikur)

Angkrik (Kembang Jeruk)

Jantung (Kembang Cau)

Ancal (Kembang Bolang)

Karuku (Kembang Jambu Batu)

Ancul (Kembang Eurih)

Lenyap (Kembang Jambu Aér)

Badaus (Kembang Tiwu)

Mayang (Kembang Jambe)

Badul (Kembang Koneng)

Mérékényényén (Kembang Jengkol)

Bosongot (Kembang Bako)

Moncorong (Kembang Térong)

Bolotot (Kembang Cabe)

Olohok (Kembang Kadu)

Bubuay (Kembang Hoe)

Pendul (Kembang Peuteuy)

Cacas (Kembang Lopang)

Méncéngés (Kembang Céngék)

Curiwis (Kembang Kaso)

Pelepes (Kembang Kulur)

Dingdet (Kembang Sampeu)

Pengit (Kembang Lenca)

Gelenye (Kembang Genjér)

Pengis (Kembang Kawung)

Ingawang (Kembang Gedang)

Putung (Kembang Jotang)

Jamotrot (Kembang Laja)

Rinduy (Kembang Muncang)

Jalinger (Kembang Jaat)

Ringsang (Kembang Paré)

Seléksék (Kembang Limus)

Ulated (Kembang Bawang)

Ngaran Anak Sasatoan

Anak Anjing : Kirik

Anak Kancra : Badak

Anak Banding : Nénér

Anak Keuyeup : Boncérét

Anak Bagong : Begu

Anak Kuda : Belo

Anak Banténg : Bangkenang

Anak Kukupu : Hileud

Anak Buaya : Bocokok

Anak Lauk : Burayak

Anak Belut : Kuntit

Anak Lélé : Nanahaon

Anak Bogo : Cingok

Anak Maung : Juag

Anak Deleg : Boncél

Anak Lubang : Leungi

Anak Éntog : Titik

Anak Munding: Énéng

Anak Embé : Cémé

Anak Monyet : Begog

Anak Gajah : Ménél

Anak Rengit : Uték-uték

Anak Hayam : Ciak

Anak Sapi : Pedé

Anak Japati : Piyik

Anak Ucing : Bilatung

Sora Sasatoan

Anjing (Ngagog, Nyungunggung, Babaung)

Bagong (Sesegrok),

Domba/Embé (Ngabérélé)

Entog/Meri (Ngawékwék),

Gagak (Ngélak),

Hayam (Kongkorongok/jalu) (Kokotak/bikang),

Kuda (Ngahiem),

Manuk (Ricit/Récét),

Maung (Ngagerem, Ngagaur),

Reungit (Ngahieng)

Tikukur/Titiran (Ngantuk/disada terus-terusan)

Selasa, 27 Desember 2011

Tawis Katineung Kanggo "enol genep enol opat dalapan tujuh"

J uli jadi saksi anu sajiti kanggo
A ranjeun duaan
N galangkungan ati anu wening manah anu setéra simkuring

U kur tiasa ngadoakeun wungkul mudah’an
R umah tanggana runtut raut sauyunan, amiin.


K ukituna simkuring bade neda jembar pangampurana salira
O mat ulah dugikeun ka hilap ka simkuring
N yatana urang hirup kudu sauyunana
E ta nu kedah diterapkeun diantawais papada manusa
N gamumule silaturahmi
G euningan da hirup kudu bengkung ngariung bongkok ngaronyok


R ea pisan pelajaran anu berharga ti salira kanggo diri kuring
E ta teh mangrupikeun enteung pikeung kuring
K umelendang di alam sandiwara, kuring tos panjeug na diri


M oal bade aral subaha moal bade meugatkeun babarayaan
E ta urang beungkeut ku duaan ku kadeudeuh lir ibarat nu jadi
L anceuk ka adi
E stuning bingah amar watasuta bingah ka giri-giri pami salira
N gangkeun ka simkuring ngalangkungan uleman, kuring Ingsya Alloh rék
G iat rurumpaheun sumping, ngadeudeul doa kanggo salira dua’an
K eur diri simkuring ieu téh mangrupikeun kabungah
U kur ieu anu tiasa simkuring ka sanggakeun kanggo salira
N yatana da rék méré harta teu boga, ukur mere doa, sugan wae doa simkuring di Qobul ku
G usti Nu Maha Suci, Ya Allah pika asih aranjeunna sapertos marenteunna miasih simkuring taya pegatana.


“Mudah-mudahan janten kulawarga Sakinah Mawadah Warahmah”
بارك الله لك وبارك عايك وجمع بينكما فى خير
Baarakallahu laka wa baaraka 'alaika wa jama'ah baina kumaa fii khairin

Neda Hampura

'N' itenan laku lampah anu katukang, rumaos pribados pinuh ku saur anu teu ka ukur, basa 
    anu teu dihaja, laku lampah anu teu genah dinu manah, kadang warga sadayana
'E' ta lamun diwincik hiji estu cape ngitungna

'D' a bakating ku seueur pisan
'A' tuh ngalangkungan ati anu wening galih sateuacan rapot pribados salami sataun 
    bade di tu2p disanggakeun ka Alloh swt pribados sakulawarga neda

'H' ampunteun anu kasuhun hampura anu diteda

'A' ya katerangan yen dosa2 papada manusa
'M' oal dihampura ku
'P' angeran saacan padapada manusa silih hampura ngalubarkeun dosa
'U' kur kutulisan sakedahnamah prbados nepangan kadang warga sadayana namung 
     sok sanaos seratan,mudh2an tiasa hudur manah
'R' urumpaheun bade ngahampura kana dosa2 pribados sakulawarga, mudah2an
'A' lloh swt masihan pangampurana kgo urang sadayna, ngalangkungn malem anu pinuh ku 
     mangrupi2 kanyaah kadeu2h ti Manteuna.

Bulan Purnama

B entang baranang maturan bulan nu keur moncorong
U nggah ka hiji wahangan ningali kalangkang nu kari sorangan
L eungit deui kalangkangna
A yeuna kalangkangna tinggal hiji
N ungguan kalangkang enggal

P euting téh teuing ku jempling, angin ngahiliwir nebak kana dangdaunan anu
U duh, atuh puguh wae dangdaunanna murudul
R ék leukeun dikumpulkeun daunna geus aya nu boga
N ya kuring teu wantun, dan sanes anu hakna
A h ukur tiasa ningali daun anu tadina hejo ngemplok tinggal kari dahana anu ngarangrangan
M oal lami sugan jeung sugan hujan kadeudeuh hujan kanyaah hujan kaheman turun
A nu ahirna ninggang kana dahan, mudah-mudahan daunan deui.

Dayeuh Kadeudeuh,...

(Ginanjar Maulana)

Ginanjar Maulana

K  awas anu saé raray wae simkuring
H  oyong ngahiji ngajatuk rami saréng khumairah
U  kur dina impian ukur dina lamunan
M  ung hiji kayakinan da jodo pati bagja cilaka mah
A  lloh swt anu ngaturna teu kudu meulang teu kudu sieun
I   ngsya Alloh tos dugi kawaktosna  mah moal  incah balilahan
R  akeut ngahiji ku janji anu suci
A  nu moal bisa diengke-engke deui, sanajan gunung jeung laut jadi
H  ahalangna, tos Pangeran Ngaridhoan

I    suk geto oge bakal laksana bébér layar tarik jangkar
M  aheutkeun tutursan kalbu
P   asti hirup sauyunan saikhwan satuhu Amiin.
I    mpian bakal ngawujud bari dibarengan ku ikhtiar jeung doa
A  h eta mah ukur kahoyong nu janten jalmi nu pinuh ku dosa, Alloh swt nu bakal
N  gajanteunkeun mudah”an aya dina GINANJAR KAWILUJENGAN.  
N  itenan geuningan kolot mah teu sagawayah ari masihan nami téh
A  yeuna mah urang talungktik naon hartina ngaran kuring téh:

G  ubrag ka alam dunya teu jangjang teu jingjing
  wal ti  ngaligincing mun mawa
N  goceakna ieu sora ceurik tanda doa keur ka indung jeung bapa
A  yeuna geus saparapatna leuwih tina jatah dugi ka 63 taun
N  incak ka yuswa 23 taun di sasih payun mugi GUSTI nga
J  embarkeun haté abdi, gaduh jimat dina haté abdi sangkan emut waé ka 
    GUSTI Nu MAHA SUCI
A  sa teu karaos kumulendang di alam sandiwara
R  éa kabungah kasusah kasedih nu tos karandapan

M  ung hiji catetan nafakuran ka taun-taun ka tukang
A  h hanjakal teu nyuprih elmu pikeun beukeul aherat rawuh dunya, tapi
lah meulang ulah hariwang ayeuna di tepangkeun jeung GURU MURYSID 
    anu Neuteupkeun hiji kalimat koncina SURGA nyaéta
L  AA ILAAHA ILL ALLAAH, nu kudu matri dina diri, nu kudu di pusti-pusti,
    nu bakal maturan dugi ka tutup diri
A  yeuna mah tinggal istiqomahna,
N  amung teu kitu wae dodoja mah tangtu bakal narembongan, 
    da ieu téh bumbu kahirupan sangkan
A  pal kana diri sing inget AGIN ka hiji papatah sepuh jeung hiji tembang kameulang ieu:

Papatah Sepuh:
1. Ulah Nuduh kanu jauh, ulah nyawang kanu anggang, nu caket geura raketan, nu deukeut geura deheusan, moal jauh tina wujud moal anggang tina awak, aya naon jeung aya saha? tina diri sorangan. cirina satangtung diri, pék geura panggihan diri anjeun téh, ku anjeun wéh sorangan, ulah waka nyaksian batur saksian heula diri sorangan.
2. Sing Daek nulung kanu butuh, nalang kanu susah, ngahudangkeun kanu saré, ngajait kanu titeuleum, méré kanu daék, nyaangan kanu poekeun.
3. Sing Waspada permana tinggal.
4. Saban-saban robah mangsa ganti wanci ilang bulan kurunyung taun, sok mineng kabandungan jelema, sanajan ngalamun salaput umur, kahayang patema-tema, karep heunteu reureuh-reureuh. dageuning nu bakal karasa mah anging kadar ti pangeran, manusa kadar rancana, kabul aya tinu Maha Agung, Laksana aya tinu Maha Kawasa.

Tembang Kameulang:
“SAHA DIRI”
Mungguh hirup tong lepas iman jeung takwa
Di dunya moal hirup lana geusan ingeut pangbalikan
Ti mana urang asalna ti mana wiwitanana
Ka mana jatining diri horeng ti Nu MAHA SUCI
Nu mawi sing ati-ati di pancen di alam rame
Talungtik ku ati suci urang téh na SAHA DIRI

Hirup teh kudu sing harti
Rumaksa badan sakujur
Raga taya pangawasa anging PANGEURSA MANTEUNA
Anging PANGEURSA MANTEUNA

Dayeuh Kadeudeuh,...


(Ginanjar Maulana)

Ngiring Bingah

U kur doa nu tiasa kasanggakan kanggo salira geulis
L esot kadeudeuh jeung kanyaah tapi janten kabungah
E ta nu karaos ku hate kuring ayeuna
M oal bade aral subaha, justru jadi reugreug jeung teu keueung
A njeun tos di tepangkeun sareng imam anu sampurna
N u langkung nyaahna, nu langkung belana ti batan kuring

K uring kakara sadar manusa mah ngan ukur boga cita-cita,
A lloh SWT nu bakal ngajadikeunna
B ral geulis geura miang geura ambah eta sagara kahirupan
A yeuna mah tong keueung tong sieun da dibaturan ku Arjuna
S anes ukur ngabaturan saharita tapi dugikeun ka tilar dunya, geulis sing
E mut kapurwadaksina dina ngabina rumah tanggana
H arepan kuring teu aya deui, mugia neng geulis sing tiasa neraskeun
A nu tos di contokeun ku Khodijah r.a sareng Fatimah r.a
N u nyarengan Nabi Muhammad SAW sareng Ali Bin Abi Tolib, k.w

K ukituna simkuring neda dihapunteun bilih salami ieu aya saur anu teu ka
U kur aya basa anu teu dihaja, aya laku lampah anu teu geunah dina maha, 
   urang silih lubarkeun
C euk paripaosmah urang anggo urang terapkeun papatah kolot 
   “PONDOK JODO PANJANG BARAYA”
I  ngsya Alloh simkuring teu weleh
M aturan salira geulis sok sanaos teu tiasa ngahiji
A ntawis urang duan masih keneh katalian ku babarayaan nyaeta
T uruna Nabi Adam AS, sakitu anu kapihatur luhur saur bahe care jembar neda pangampura, 
   mugia
A lloh SWT nangtayungan sareng nganjeteunkeun kulawarga SAMARA. Allohumma Ya 
   Mujibada’awad. amiin

Rusiah Hate

Tilu taun anu katukang
Dina lampah lakon wayang
Usik malikna ku dalang
Rupa-rupa nu kasorang

Haté anu mika asih
Kahayang embung papisah
Da bongan geus kedal janji
Nu maksud hayang ngahiji

Ayeuna kalah nyalahan
Jangji  henteu tinekanan
Da bongan aya halangan
Kana sagala tujuan

Ayeuna kari waasna
Basa teu jeung si manehna
Sagala rusiah haté
Ngan kari waasna baé

Peunggas Dahan Harepan

Geuning sing horéng
Saban-saban robah mangsa
Ganti wanci ilang bulan kurunyung taun
Saperti nu karandapan ku diri kuring

Horéng  pasini ti jalmi
Sanés janji nu ti Gusti
Sumpah majar bade nyaah
Ukur panglamunan wungkul

Ari sugan asih téh kaabadian
Ari  sugan deudeuh téh nya kalanggeungan
Horéng ukur implengan
Di tampi geulis moal di tampik
Kitu kapalay salira panginteun kitu kedahna

Pileuleuyan bulan nu sok remeun
Dipaké ngeunteung duaan
Entong teuing jadi pikiran
Mun kalangkang kari hiji
Pan kuring nyorangan deui
Duh sorang dai

Aya nu jalir kana jangjina
Aya nu cidra kana subaya
Bongan urang teu wasa
Nyingkahan mangsa
Urang kapaksa teupang jeung
Kecap paturay najan narah nyebat pisah
Teu weurat rék nyebat was

Bari patarema leungeun
Bari urang silih wilujengkeun
Wilujeng angkat deudeuh saur salira harita
Ah kuring teu weurat ngedalkeun nana

Wilujeng angkat taya hartina
Wilujeng kantun taya gunana
Mung ukur dipaké ngupahan haté
Mung ukur dipaké mapaes lambey

Pangwilujeng ti salira
Nuruhit panah naceub kana raraheut manah
Mata pedang nu ngolebat kingkilaban
Wuwuh beuki nyeuit haté kalahkah beuki hengkér
Duh deudeuh teumeunan sukma nu taya tanaga
Ngoleab duka kamana
Dipuluk duka kusaha……….

Salira aya ku tega ngiwat duriat dipaksa pegat
Durawiksa teuras rasan
Meugatkeun dahan harepan

Tapi kuring sadar hujan aya mangsa raatna
Bangbara aya mangsa hibeurna
Lebar teumeun kembang asih diiseup teu eureun-eureun

Mudaha-mudahan salira ngengingkeun
Nu langkung ti diri simkuring sagala-galana
Nyaahna, deudeuhna, belana…

 
Design by Free WordPress Themes | Bloggerized by Lasantha - Premium Blogger Themes | Justin Bieber, Gold Price in India